Header Ads



REVISI KAMUS SUNDA

 


REVISI KAMUS SUNDA 

Ku: Tatang Sumarsono

Karasa kumaha pentingna kamus, lamun urang keur nyieun atawa nyusun tulisan—kaasup ari keur nyarungsum atawa ngédit, boh tulisan jieunan sorangan boh tulisan jieunan batur. Éta mah naha tulisan fiksi atawa nonfiksi. 

Kumaha carana néangan atawa milih kekecapan anu pas, anu bisa ngawadahan gagasan ébréhkeuneun dina tulisan, umumna mah urang kudu mukaan heula kamus. Ngan nya kitu, anu kaalaman téh, asa remen kedul da muka kamus téh. Gogodana téh horéam. Padahal kamus gedé gunana jeung gedé tulungna dina prosés nyusun jeung mémérés hiji tulisan, rék nu panjang rék nu pondok.

Nulis dina basa Sunda, wabil husus pikeun ngaungkarakeun hal-hal anu patali jeung rasa, biasana pilihan kecapna sok leuwih ti hiji. Geura waé, naha urang rék milih nyangsaya, ngabaheuhay, nyarandé, atawa nyanghunjar anu kabéhanana ogé ngagambarkeun cara diuk? Tah, biasana ku muka heula kamus kapanggihna kekecapan anu pas téh.

Kamus basa Sunda anu munggaran aya téh disusunna lain ku urang Sunda, tapi ku urang Inggris, Jonathan Rigg, judulna A Dictionary of the Sunda Language of Java. Kandelna 537 kaca, disusunna taun 1862, di Jasinga, Bogor.

Tina judulna ogé geus bisa diterka, ieu téh lain kamus Sunda-Sunda, tapi Sunda-Inggris. Éntri atawa léma dina basa Sunda ditulis sasaruanana, atawa diterangkeun maksudna dina basa Inggris kalawan singget. Gedé kamungkinan pangna disusun téh utamana mah pikeun kapentingan bangsa asing anu harita matuh di urang, sangkan babari komunikasi jeung bangsa pribumi. Lantaran tempat matuhna di Jasinga, tangtuna ogé anu pangheulana dikumpulkeun ku Rigg téh kekecapan tina basa Sunda anu nyampak sabudeureunana, anu teu mustahil gedé pangaruhna tina basa Sunda dialék Banten, lain basa Sunda Priangan anu engkéna diposisikeun jadi basa lulugu.

Kurang leuwih tilu parapat abad ti harita, nya medal deui kamus anu disusun ku Satjadibrata. Ieu mah kamus Sunda-Sunda, najan saterusna aya versi Sunda-Indonésia. Ari anu dikaluarkeun ku lembaga nyaéta Kamus Umum Basa Sunda (KUBS), taun 1975, ku alpukahna Lembaga Basa jeung Sastra Sunda (LBSS). Aya deui kamus séjénna, di antarana anu disusun ku Hardjadibrata, F.S. Eringa, Danadibrata, jeung Ajip Rosidi spk. Salian ti éta, aya anu disusun leuwih basajan pikeun kaperluan anu leuwih praktis, anu umumna kamus Sunda-Indonésia. Maksudna basajan di dieu téh jumlah éntrina teu saloba nu aya dina kamus umum. Aya deuih kamus anu ditambahan ku ilustrasi atawa gambar ogé.

Ceuk Dadan Sutisna anu kungsi maluruh KUBS, kekecapan anu nyampak dina kamus téh kurang leuwih ukur saperlimana tina sajumlahing kecap anu nyampak dina basa Sunda. Jadi anu dalapan puluh persénan deui mah masib kénéh luput tacan aya dina kamus. Cacak ukur aya dua puluh persénan, tapi tétéla urang ukur apal saeutik ngeunaan unak-anik jeung harti kecap anu nyampak dina kamus téh. Komo lamun sakabéh kecap dina basa Sunda hayang bisa kacangkem.

Dina KUBS, aya 16.309 léma, jeung 14.496 subléma. Tah, éta anu disebut kurang leuwih ukur dua puluh persén tina jumlah kekecapan anu nyampak dina basa Sunda ku Dadan téh. Mun dibandingkeun jeung karya Rigg atawa Satjadibrata, KUBS  sed saeutik leuwih loba jumlah éntrina. Nya ari anu panglobana léma mah kamus Sunda anu disusun ku Ajip Rosidi, ampir ngahontal dua ratus rébu léma. Tapi ieu kamus téh tacan nyebar jadi bacaeun masarakat umum, da dicitakna masih kawatesanan éksémplarna. Pangna lémana loba téh sabab dina ieu kamus dicantumkeun kecap rundayanana (kaasup kecap rajékan jeung kecap kantétan) katut conto larapna dina kalimah.

KUBS anu umurna geus 45 taun tepi ka kiwari téh geus sapuluh kali dicitak. Tapi ari eusina mah tacan diropéa, masih angger saasalna, kajaba pikeun kecap anu salah tulis wungkul. Lian ti éta, anu dirobah téh ukuran bukuna, anu tadina A5 jadi B5. Jadi leuwih rubak ayeuna mah, macana ogé rada langab.

Ku sabab tacan kungsi direvisi, tangtu waé éntri dina KUBS téh tacan ngawadahan kekecapan basa Sunda anu kiwari nyampak jeung diparaké ku panyaturna. Ari sababna mah apan kekecapan alanyar anu asup kana basa Sunda téh beuki gancang nambahanana, wabil husus anu patali jeung téknologi katut rupa-rupa produkna. Éta kekecapan téh aya anu asalna tina basa Indonésia katut basa sadapuran di Nusantara, jeung anu rosa mah tina basa deungeun anu terus-terusan merul sabab teu bisa dibendung. Basa Sunda awal taun 1970-an mah apan tacan wawuheun kana kecap hapé, wifi, atawa komputer, upamana, da barangna gé apan harita mah tacan nyampak. Ari ayeuna, apan teu bisa dipisahkeun tina kahirupan urang Sunda, anu tangtu waé reman dikedalkeun dina komunikasi sapopoé.

Perkara basa Sunda terus-terusan robah, maksudna jumlah kecapna terus nambahan, éta mah geus kitu sunatullohna. Moal bisa diapi-lainkeun, mana komo dicegah. Da apan ari basa téh bagian tina budaya—ari sipatning budaya apan salawasna robah, saluyu jeung kaayaan jaman katut kabutuh anu ngagunakeunana. Jadi teu kudu diharamkeun mun basa Sunda terus katambahan ku kekecapan tina basa deungeun gé. Anu penting kumaha carana sangkan éta kecap bisa disundakeun, dumasar kana konsép katut aturan élmu basa Sunda. Teu kudu dianggap bakal kamalayon satungtung bener merenahkeunana mah. Da anu disebut kamalyon mah lain dina kosa kecapna, tapi dina adegan atawa strukturna, boh struktur kecap boh struktur kalimah, anu dilantarankeun tina salah dina mikir—maksudna rék ngedalkeun kalimah dina basa Sunda, tapi ari jalan pikiranana ngagunakeun basa Indonésia, nya bakal kamalayon téa jadina.

Balik deui kana revisi KUBS, tangtuna gé hal ieu geus nyantek kudu dipigawé sagancangna. Kudu aya tarékah daria sangkan eusi kamus téh ditambahan ku sajumlahing kekecapan anyar anu kiwari dipaké ku panyatur basa Sunda. Kekecapan alanyar anu jolna tina basa asing, kaasup anu tina basa Indonésia, tangtu ulah jol-jol ditarima kitu waé, tapi kudu ditéangan heula kumaha ari unina anu geus nyampak dina basa Sunda, upamana dina basa Sunda anu geus dianggap buhun, atawa geus langka dina pakumbuhan. Kecap prabayar anu ayeuna popilér digunakeun dina kagiatan ékonomi, saenyana bisa waé diganti ku kecap nimpahan, upamana.  Da teu mustahil, kekecapan anu dianggap anyar téh saenyana geus nyampak dina basa Sunda, ngan pédah urangna geus teu wanoh, da ku sabab geus tara atawa langka digunakeun dina pakumbuhan.

Lamun dina basa Sunda tacan nyampak, nya kudu dijieun kekecapan anyar, upamana waé kecap moderator diganti ku panumbu catur.  Tapi cara kieu téh kaitung bangga, jaba deuih kekecapan tina basa asing anu nyereg kana basa Sunda jigana moal kaimbangan ku kekecapan anyar jieunan urang. Mana komo lamun geus asup ka wilayah téknologi. Kitu deui kekecapan alanyar jieunan urang téh tacan tangtu payu di masarakat. Upamana saé kecap sélfi diganti ku swafoto, angger wé nu dipaké ku masarakat mah kecap aslina, da dianggap leuwih genaheun jeung leuwih singget ngucapkeunana.

Cara satuluyna dina nambahkeun kekecapan atawa istilah tina basa deungeun téh nya ditampa sagemblengna. Ngan waé dina nyanghareupan kekecapan tina basa asing, hususna basa Inggris, aya anu dianggap béda antara cara nuliskeunana jeung ngucapkeunana. Dina hal ieu urang kudu nyieun heula padoman atawa pola, rék kumaha cara nuliskeunana. Bisa ku cara kumaha ceuk kadéngéna, bisa ku cara kumaha ceuk cara nuliskeunana, atawa bisa waé dikompromikeun.

Anu bieu dipedar sabéngbatan téh éta mah hancengan gawé anu nguruskeun peristilahan—urang sebut waé komisi istilah basa Sunda. Nya komisi éta anu garapan gawéna ngawengku nengetan, ngumpulkeun, jeung milih-milih kecap alanyar anu rék diasupkeun kana basa Sunda. Hasil gawé komisi istilah téh engkéna baris digunakeun pikeun ngarevisi atawa ngalengkepan eusi kamus. 

Tangtuna ogé teu saban kecap alanyar tina basa batur kudu diasupkeun kana basa Sunda. Da bisa waé aya kekecapan atawa istilah  anu dipakéna téh ukur sakeudeung waktuna, kumaha ceuk raména masarakat. Anu kudu diasupkeun mah kecap alanyar anu katimbang bakal lana dipakéna dina kaperluan komunikasi anu ngagunakeun basa Sunda.

Komisi istilah kiwari geus ngadeg, najan garapan gawéna masih kénéh dina tahap nyieun rarancang. Éta komisi istilah téh resmi diangkat ku LBSS. Kitu deui ka hareupna bakal dijieun tim husus anu tugasna ngarevisi kamus.

Rencana mah éta garapan rohaka téh henteu ngan dipigawé ku LBSS hungkul dina prakna mah, tapi bakal gawé bareng jeung pihak séjén. Anu geus mimiti dibaladah nyaéta gawé bareng jeung Balai Bahasa Jawa Barat.

Nya dipiharep bakal sagancangna ngawujud, sangkan KUBS sagancangna direvisi, ngarah urang teu gupuy-gapay teuing néangan sumber pikeun nangtukeun kekecapan anu merenah.***

No comments