Header Ads



MAKNA SAMPURASUN

 


*Ka arifan urang sunda ngeunaan makna "SAMPURASUN"*


*Sampurasun kawit tina kalimat "SAMPURNA RAGA INGSUN".*

*anu ngagaduhan makna "SAMPURNAKEUN DIRI ANJEUN".*


*Nyampurnakeun diri minangka tugas utama manusa di alam dunya anu ngalingkupan :*

*-Kasampurnaan ucapan-*

*-Kasampurnaan titingalian-*

*-Kasampurnaan rurunguan-*

*-Kasampurnaan angseuan-*


*Kabeh kasampurnaan eta ayana dina kabersihan tur kaherangan hate.*

*Herangna hate ngawujud dina sifat tur lengkah paripolah urang sunda nu jadi ajaran "SILIWANGI" (silih asah, silih asih, silih asuh).*


*Seukeutna indera rasa urang sunda, ngawujud dina ucapan "SAMPURASUN", nu jadi do'a sakaligus pa-ngeling2, yen urang sunda kudu WASPADA PERMANA TINGAL :*

*Ceuli kajaga ku runguna*

*Panon kajaga ku awasna*

*Irung kajaga ku angseuna*

*Letah kajaga ku ucapna*


*Kabeh eta kudu ngamuara dina hate nu kajaga ka ikhlasanana*


*WASPADA PERMANA TINGAL, lain ngandung harti curiga kana sagala kaayaan, tapi wujud lengkah paripolah urang sunda nu kudu "deudeuhan, welasan, asihan, nulung kanu butuh nalang kanu susah, nganteur kanu sieun nyaangan kanu poekeun".*


*TAH ..SIKEP IEU NU NGAJADI CIRI URANG SUNDA KASOHOR*.

*Resep ngahiji, sareundeuk saigel sabobot sapihanean, ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salogak*.


*Budaya luhung ieu teu datang sakaba-kaba, tapi lahir diwangun ku ka-arifan urang sunda. Yen hirup teh kudu ngahiji, bareng, ngamuara (museur) ka Maha Agung na  Allah SWT*.

*Ka-arifan ieu anu ngalahirkeun karakter urang sunda jauh tina sifat "museur" kana dirina (ke-akuan/ego).*


*Urang Sunda sadar, yen hirup ngan ukur sasampeuran, awak ngan ukur sasampayan, kabeh sarengkak saparipolah mung margi kersaning Gusti Anu Maha Suci*.

*SAMPURASUN ukur sakecap, ngan jero harti jeung maknana dina ngawangun JATI DIRI urang sunda*.


~~~~~~~~~~~~~~~

No comments