Header Ads



Kecap WAKTU / BASA , WAKTOS, WANGKID

 

BASA SUNDA


Tatakrama Basa Sunda

( Undak Usuk Basa Sunda )


Ngalarapkeun kecap anu merenah.


Kecap  WAKTU / BASA , WAKTOS, 

              WANGKID


1. Kecap WAKTU / BASA

     Dilarapkeun dina Basa Sunda Loma,

     nya éta nalika urang nuju ngobrol sa-

     reng batur anu parantos loma, akrab,

     nyobat ( sobat ).

     

     Conto obrolan dua sobat :

     

     Kabayan :

     '' Mad, WAKTU / BASA  kamari panggih

       teu jeung abah ?''

     Carmad :

     '' WAKTU / BASA kamari teu pang-

     gih jeung abah mah Yan..''


2. Kecap WAKTOS, WANGKID

     * Kecap WAKTOS dilarapkeun dina Basa

        Sunda Lemes kangho urang nyalira.

     * Kecap WANGKID diparapkeun dina Ba-

        sa Lemes kanggo kabatur saluhureun 

        atanapi batur anu dipihormat.

   

        Conto :

        

        Kabayan :

        '' Punten pa, dupi WANGKID kamari ba-

          pa milari abdi ?''

        

        Pa camat :

        '' Sumuhun, WAKTOS kamari ba-

          pa badé miwarang amang ka béngkél..''

  

     * Kabayan nyebat kecap WANGKID, dila -

        rapkeun kanggo batur / pa camat.

        ( Merenah ). 

     * Pa camat nyebat WAKTOS dilarapkeun

        kanggo pa camat nyalira. ( Merenah ).


Hayu urang diajar basa Sunda anu leres, tur

merenah nalika ngalarapkeun kecap-kecap

anu saluyu sareng Tatakrama Basa Sunda

( Undak Usuk Basa Sunda ).


Cag, mugia mangpaat....

Hanca..


# Wan's68

No comments