Header Ads



HIBAR LAYUNG

 


HIBAR LAYUNG

Kang Yoga


Haté dag-dig-duG

Impénan tanpa tutugaN  

Batin ngajerit teu puguh lir nu  kalangsU

Ageman cumarita sanajan salira teu gugupaY

Rurusuhan tuturubun mawa bangbaluh kalbu pegatna rasA


Lengkah sasar nandaan raga dina dampaL

Asih Gusti nu Mahasuci teu jolédaR

Yakin ajeg diri tingtrim ati panceg jiwA

Unggeukna lampah ku sajatina adaB

Nangtung payus wening atI

Galindeng dangding ngajak ibadaH


@Hidroyan

Purwakarta.291220.17:58

#TatanéndiBaléAtikan


No comments