Header Ads



KAHIRUPAN BASA SUNDA KIWARI



KAHIRUPAN BASA SUNDA KIWARI
ku: Tatang Sumarsono

Taun 2009, UU 24 tahun 2009 tentang Bendera, Bahasa, dan Lambang Negara, serta Lagu Kebangsaan téh jadi putusan DPR. Husus anu patali jeung basa daérah, aya anu kaunggel kieu, dina Bab III, Pasal 42:
Pasal 42

(1) Pemerintah daerah wajib mengembangkan, membina, dan melindungi bahasa dan sastra daerah agar tetap memenuhi kedudukan dan fungsinya dalam kehidupan bermasyarakat sesuai dengan perkembangan zaman dan agar tetap menjadi bagian dari kekayaan budaya Indonesia.
 (2) Pengembangan, pembinaan, dan pelindungan sebagaimana dimaksud pada ayat (1) dilakukan secara bertahap, sistematis, dan berkelanjutan oleh pemerintah daerah di bawah koordinasi lembaga kebahasaan.
 (3) Ketentuan lebih lanjut mengenai pengembangan, pembinaan, dan pelindungan sebagaimana dimaksud pada ayat (1) diatur dalam Peraturan Pemerintah.

Basa Sunda, ceuk éta UU, wajib ditangtayungan jeung dibina ku pamaréntah daérah (dina hal ieu provinsi, kabupatén, atawa kota). Ti dinya terus ditarékahan sangkan sina mekar sangkan nyumponan pangabutuh masarakatna engggoning komunikasi, saluyu jeung kamekaran jaman. Ari basa daérah téh bagian tina kakayaan budaya nasional.
Di Jawa Barat geus aya Perda No. 5 Taun 2003 anu eusina ngatur bagbagan miara basa daérah. Kitu deui di tingkat kabupatén atawa kota geus aya perda anu eusina kawas kitu. Hal ieu kaasup léngkah daria, sok sanajan tacan kaasup sampurna. Tapi ku kitu gé bisa dianggap hiji calecer atawa tatapakan pikeun ngahirup-huripkeun basa daérah. Ari di wewengkon Jawa Barat, sajaba ti basa Sunda anu paling réa panyaturna, aya deuih basa Cirebon jeung basa Malayu Batawi. Tiluanana ogé boga hak anu sarua.
Husus ngeunaan basa Sunda, tétéla jumlah panyaturna atawa anu ngagunakeunana dina kahirupan sapopoé tétéla henteu sarua jeung jumlah cacah jiwana. Malah beuki dieu téh aya dugaan beuki ngurangan.
Jumlah panyatur basa Sunda kiwari aya di sahandapeun jumlah masarakatna (anu masih kénéh ngaku urang Sunda). Anu jadi panyabab utamana nyaéta kulawarga Sunda geus teu ngagunakeun basa Sunda, sok sanajan maranéhanana téh pituin Sunda. Loba faktor anu jadi pangaruhna, utamana mah lantaran kondisi jaman, katurug-turug faktor méntalitas urang Sundana sorangan deuih.
Najan geus rada lila, sawatara taun ka tukang kungsi aya panalungtikan anu dipigawé kuBalai Bahasa Bandung. Hasilna  ngébréhkeun, tina 850 pasangan salaki-pamajikan, anu masih kénéh bisaeun ngagunakeun basa Sunda mah ukur aya 754 pasangan. Tina jumlah sakitu, barudakna anu bisaeun ngagunakeun basa Sunda mah ngan aya 565 urang. Padahal asumsina, tina 754 kuren téh pasti jumlah barudakna leuwih ti sakitu. Cacak mun saban kuren boga dua budak, jumlah sakabéhna téh aya 1.508 budak. Lamun anu bisaeun nyarita ku basa Sunda ukur aya 565 budak, hartina ukur sapertiluna leuwih saeutik (37%).
Cacak mun téa mah ayeuna aya deui panalungtikan kawas kitu, bawirasa proséntaseuna bakal leuwih turun deui. Mana komo lamun anu dijieun résponden éta panalungtikan téh kulawarga campuran, misalna pamajikan atawa salakina lain urang Sunda. Enya apan, urang Sunda kiwari téh teu sakabéhna meunangkeun jodo papada urang Sunda deui. Geus dianggap ilahar ayeuna mah mun urang Sunda boga pamajikan atawa salaki béda étnis, malah béda bangsa atawa béda ras.
Sajaba ti di lingkungan kulawarga, tarékah pikeun miara basa Sunda téh aya nu dilaksanakeun dina prosés pendidikan formal di sakola. Ngeunaan hal ieu gé geus aya parobahan, misalna waé pangajaran basa Sunda henteu ngan di SD jeung SMP wungkul, tapi deuih di SMA jeung SMK. Malahan mah di sakola anu diayakeun ku Kementrian Agama gé (Ibtidaiyah, Tsanawiyah, jeung Aliyah), pangajaran basa Sunda téh aya.
Basa Sunda masih kénéh diajarkeun di sakola, ti SD tepi ka SMA, sok sanajan bangun remen dibibira ku sawatara “oknum” gegedén anu keur nyekel kakawasaan, utamana lamun dipatalikeun jeung gunta-gantina kurikulum. Atawa sakapeung mah jolna téh ti anu ngaku kaom inteléktual. Ari eusina mah, boh ti gegedén boh ti kaom inteléktual, pangajaran basa Sunda téh dianggap teu perlu aya. Jadi kudu dicorét tina daptar pelajaran di sakola.
Dina kabuktianana, tepi ka ayeuna gé pangajaran basa Sunda di sakola masih kénéh aya. Ngan sakumaha anu remen katiténan, éta pangajaran téh dianggap tacan keuna kana sasaran. Dina sawatara tulisan média massa, loba anu ngangluh yén pangajaran basa Sunda dianggap hésé. Ari anu jadi sabab lantaran anu diajarkeun di sakola-sakola téh leuwih loba ngeunaan élmu basa, lain basa Sunda minangka pakakas komunikasi dina pakumbuhan. Lian ti éta, materi anu diajarkeun ka siswa loba anu teu patali jeung kakiwarian. Cindekna, matéri pangajaran basa Sunda téh leuwih loba ngungkab hal-hal anu teu kaalaman ku barudak ayeuna, sabab nyoréang waé ka tukang. Samalah di sawatara sakola (tingkat SMP) aya anu ngajarkeun aksara Sunda. Tangtu waé lain hartina élmu basa atawa aksara Sunda dianggap teu penting, ngan bakal merenah lamun diajarkeunana di paguron luhur anu ngulik basa Sunda. Kitu deui sual undak usuk basa anu dianggap jadi panghalang kana dipakéna basa Sunda dina pakumbuhan, bawirasa kudu dijinekkeun deui, kudu kumaha pimerenaheunana.
Ku urang kasaksén, para ahli basa katut pihak-pihak anu mikanyaah basa Sunda teu kendat nyieun tarékah, sangkan basa Sunda tetep hirup-hurip, mekar, bari terus digunakeun dina hirup kumbuh ku panyaturna anu geus jadi bagian ti masarakat Indonésia. Salian ti pangajaran, media massa anu ngagunakeun basa Sunda tetep mayeng aya (boh citak boh éléktronik, boh anu sagemblengna boh anu ukur nempatkeun jadi bagian rubrik). Kitu deui dunya penerbitan buku basa Sunda (utamana sastra) tetep mayeng. Jeung tangtu masih kénéh aya pihak-pihak séjén (di antarana ulama, kréator seni, birokrat, jeung pingpinan lembaga) anu narékahan sangkan basa Sunda hirup-hurip, ngaliwatan kagiatan anu patali jeung widang kaahlianana.
Atuh ayeuna, basa Sunda digunakeun dina médsos deuih. Teuing aya sabaraha welas, atawa boa puluh kitu, akun grup anu ngagunakeun basa Sunda. Anggota anu aya di hiji grup téh aya anu tepi ka welasan rébu, sok sanajan bisa waé di grup séjén gé anggotana éta-éta kénéh. Aya grup anu kaitung daria, aya deuih anu nga ngagedékeun heureuy, malah anu caliweura ogé aya. Kangaranan médsos téa apan bébas, teu maké filter pikeun panyaringna. Pokona mah saha waé ogé bisa mostingkeun tulisan basa Sunda dina médsos. Hanas eusina jauh ti enya, ari geus kumaha deui tuda.
Sakur tarékah ti saban pihak enggoning miara jeung mekarkeun basa Sunda saenyana kudu napak dina Perda Jawa Barat No. 5/2003, anu eusina ngatur bagbagan miara basa daérah di Jawa Barat (kaasup basa Sunda anu panyaturna panglobana). Anu dimaksud basa di dieu kaasup sastra reujeung aksarana (aksara Sunda ragam Kawali).
Ngan sok aya anggapan, ku lahirna éta perda téh jadi ngarasa geus anggeus gawé. Padahal sakuduna karék ngamimitian gawé. Dina harti, gawé tahap kadua. Perda anu diajén geus alus, angger moal aya hartina mun teu diterapkeun sakumaha mistina. Cindekna, kudu aya lajuning lakuna.
Anu dimaksud lajuning laku di dieu bisa mangrupa kawijakan ti instansi anu aya pakaitna, boh level provinsi boh level kabupatén/kota. Kawijakan anu dijinekkeun téh ngawengku sajumlahing aturan katut dina lebah nangtukeun anggaran. Tangtu waé éta anggaran téh kudu tepat sasaran. Di sawatara kabupatén/kota aya anu geus ngaluarkeun perda anu eusina nyoko ka dinya. Pasti moal saules, lantaran diluyukeun kana kondisi jeung kabutuh daérah séwang-séwangan, dumasar kana prinsip otonomi daérah.
Dina seuhseuhanana, anu kudu ngadeudeul ajegna Perda Jawa Barat No. 5/2003 téh utamana mah nya masarakat. Sacara umum, kumaha carana sangkan masarakat Sunda ulah ninggalkeun basa Sunda. Perda moal aya hartina, mun basa Sunda geus teu dipaké ku masarakat, sanajan pamaréntah ajol-ajolan hayang ngalaksanakeun.
Dina tataran anu leuwih spésifik, ngadeudeul éta perda téh jadi kawajiban para ahli basa Sunda katut anu profésina patali jeung basa Sunda (di antarana guru, ulama, wartawan, programer TV/radio, juru panerang, kréator seni, jeung kaasup politisi).
Majuna basa teu bisa cecelengcengan sosoranganan, tapi kudu dibarengan ku majuna sektor-sektor kahirupan lianna, anu dina pajamanan kiwari sok diidéntikkeun jeung ékonomi, ipték, katut widang-widang budaya séjénna dina harti jembar. Insya Allah, basa Sunda bakal maju jeung mekar tur mampuh ngigelan sarta ngigelkeun jaman, lamun urang Sunda weweg dina widang-widang anu bieu ditataan. Basa Sunda bakal naék pamor lamun pamor urang Sundana naék, anu salah sahiji di antarana bakal ditangtukeun geus semet mana peran urang Sunda dina kahirupan nasional Indonésia.***

No comments